Paribasa Babasan (Bedana, Saruana, Pangartian, Ciri, Jenis, Macam, Contoh)

Pangartian, Ciri-ciri, Jenis-jenis, Macam-macam, Contoh, Bedana sareng Sasaruaan Paribasa jeung Babasan

Paribasa Babasan (Bedana, Saruana, Pangartian, Ciri, Jenis, Macam, Contoh)
www.extapia.com

             Pangartian, ciri-ciri, jenis-jenis atawa macam-macam, contoh, bedana sareng sasaruaan paribasa jeung babasan. Anu sim kuring sebutkeun ti luhur nyaéta anu badé dijelaskeun ti artikel handap ieu. Paribasa jeung babasan téh sebenerna mah hampir sarua éta-éta keneh soalna sabagian ti paribasa aya ogé anu sami sareng babasan jeung sabalikna oge kitu, tapi sebenerna mah aya bédana saalit tina wangun atanapi kecapna anu bakal di bahas di handap ieu.

A. Paribasa

1) Pangartian Paribasa
            Aya 2 pangartian paribasa anu sim kuring badé jelaskeun nyaéta nu kahiji pangartian asli ti para ahli atawa ti buku-buku nu biasana sok aya.

- Paribasa nyaéta babandingan anu jadi parlambang lakuning hirup, ngawangun omongan (runtuyan kalimah) anu geus puguh eunteup seureuhna (sistematika), geus puguh surupanana, geus tangtu pok-pokanna.

            Pangartian kadua nyaéta pangartian ti para laluhur, nini, aki, arurang atawa singkatan, rangkuman ti pangartian anu baku ti luhur. Pangartian ieu biasana anu sok diwartoskeun/dijelaskeun ku guru, rerencangan, baturan, kolot, jst.

- Paribasa nyaéta ungkara basa anu diwangun ku dua frasa atawa leuwih anu eusina mangrupa luang jeung papagon hirup di masarakat, sarta ngandung harti injeuman

2) Ciri-ciri Paribasa
     Tah dina ciri-ciri paribasa téh aya oge bebedana ti babasan jeung aya oge sasaruana paribasa jeung babasan téh, baca heula wéh ieu di handap ciri-ciri paribasa, nyaéta :

a.      Paribasa sifatna ngabandingkeun, ngupamakeun, jeung mapandékeun.
b.     Paribasa téh omongan anu hartina lain harti sajalantrahna.
c.      Paribasa mangrupa kalimah anu teleb sarta anteb kana haté nu diajak nyarita.
d.    Paribasa henteu bisa dirobah, dikurangan, dileuwihan, sarta dilemeskeun kekecapanana, sabab geus mangrupa wangun basa anu geus matok (pakeman) tapi aya oge anu kurangan tapi hartosna sami keneh contona ‘Ulah dagang oncom rancatan emas’ wios teu ngangge 'Ulah' oge tapi sabagian pendapat kudu make ulah téh tapi hartosna mah da sami keneh kitu-kitu kéneh.

3) Jenis-jenis atawa Macam-macam Paribasa
     Jenis-jenis atawa macam-macam paribasa téh aya 3, nyaéta :

a. Paribasa wawaran luang eusina ngandung maksud pikeun jadi picontoeun atawa pieunteungeun.
Contona :
- Dihindar pinasti anyar pinanggih = Takdir mah tos ditangtukeun ku Allah rék kumaha-kumaha oge

b. Paribasa panjurung laku hadé eusina picontoeun gambaran laku hadé sangkan jadi tuladeun milampah kahadéan.
Contona :
- Ari diarah supana, kudu dijaga catangna = Ari gaduh banda nu di ala hasilna, kudu daék ngurusna.

c. Paribasa lampah salah eusina gambaran laku goréng atawa lampah salah sangkan ulah diturutan.
Contona :
- Ulah dagang oncom rancatan emas = Ngalakukeun hiji hal nu teu saimbang.

Tiasa oge dibaca anu lengkapna Pangartian sareng Contoh Paribasa Wawaran Luang, Panjurung Laku Hade, Panyaram Lampah Lasah.

4) Contoh Paribasa
            Seer sebenerna mah contona téh tapi ieu 3 heula weh anu lengkapna tiasa baca di Contoh Paribasa Sunda Lengkap A – Z. Upami bade anu conto-conto tina pambagéan eta aya diluhur
a. lwak nangtang sujen = Wani nyorang pibahayaeun
b. Kudu hade gogog, hade tagog = Sopan santun, hade tatakrama
c. Ulah agul ku payung butu = Isin ku turunan
Tah eta diluhur conto paribasa ti lain eta aya seer keneh, jeung eta ti luhur téh anu ‘a’ eta sami conto paribasa wawaran luang, ‘b’ eta conto paribasa panjurung laku hade, ‘c’ eta conto paribasa lampah salah.

B. Babasan

1) Pangartian Babasan
Babasan nyata pakeman basa anu ungkarana jeung hartina geus matok. Babasan ungkarana parondok, umpamana/umumna ngan diwangun ku dua kecap sarta ngandung harti siloka (Kiasan). Babasan sasaeurna ngagambarkeun pasipatan jalma. 

2) Ciri-ciri Babasan
            Di luhur tos dijelaskeun ciri-ciri paribasa, ayeuna urang jelaskeun naon tah ciri-ciri babasan téh, tina ciri-ciri babasan ieu téh aya oge bedana sareng saruana paribasa jeung babasan. Sok baca heula wéh ieu dihandap naon wae ciri-ciri babasan téh.

a. Ngandung harti injeuman (Konotatif).
b. Ukuranna pondok.
c. Umumna diwangun dina kecap kantetan
d. Susunanna tos matok atawa teu tiasa dirobah-robah

3) Jenis-jenis atawa macam-macam babasan
             Dina jenis-jenis babasan ieu aya oge saruana paribasa jeung babasan, baca heula weh naon wae jenis atawa macam babasan téh. Jenis-jenis atawa macam-macam babasan téh aya dua, nyaéta :

-  Dumasar kana babandingan.
-  Dumasar kana wangunna. Aya tilu macam nyaéta :

a. Babasan kantenan nyaéta dua kecap nu ngabungkeun tur nimbulkeun harti anyar.
Contona : Gedé hulu = Sombong, balaga, pang jagona, adigung.
Conto dina wangun kalimah : Jadi jalma téh tong gedé hulu, jalma nu kitu téh moal dipikareseup batur.

b. Babasan rundayan nyaéta babasan anu ngaliwatan proses ngararangkenan, boh binaraung jeung ngarajek, ngantetkeun boh henteu, sarta ngandung harti injeuman. Babasan rundayan mineung disébut oge paribasa imbuhan.

Imbuhan.
1. Awalan (Prefiks) -> Rarangkeun hareup
2. Sisipan (Infiksi) -> Rarangkeun tengah
3. Akhiran (Sufiksi) -> Rarangkeun tukang
4. Konflik (Gabus) -> Rarangkeun barung

Contona : Disakompetdaunkeun = Disaruakeun jeung kasalahan batur.
Conto dina wangun kalimah : Manéh mah ka urang téh sok disakompetdaunkeun.

c. Babasan frasa nya éta babasan anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih anu hubungan antar unsur-unsurna ranggang teu dalit, sarta ngandung harti injeuman.

Contona : Kandel kulit beungeut = Jalma euweuh ka era
Conto dina wangun kalimah : Jadi jalma téh tong kandel kulit beungeut,

4) Contoh Babasan
Sabenerna mah seer contona mah ngan 5 heula weh conto lengkapna di artikel Contoh Babasan Lengkap A – Z. Kumargi kitu nya nu di handap ieu heula wéh.

- Ayem Tentrem = tenang teu aya kasieun
- Bancang Pakewuh = pikasusaheun
- Cueut kaharep = tereh maot
- Dogdog panrewong = acara panambah
- Leuleus awak = daekan

C. Bebedana sareng Sasaruaan Paribasa jeung Babasan

Kasimpulanna bedana Paribasa jeung Babasan téh, nyaéta :

a. Paribasa
- Ukuranna panjang.
- Kalimahna teleb sarta anteb kana haté nu diajak nyarita.
- Hartina lain ti harti sajalantrahna.

b. Babasan
- Ukuranna pondok.
- Umumna disusun dina wangun kecap kantenan.
- Umumna ngabandingkeun.

Sasaruaan Paribasa jeung Babasan nyaéta :
- Wangunna matok.
- Ngandung harti injeuman (Konotatif).

Kasimpulanna mah bedana paribasa jeung paribasa mah teu beda jauh sami oge sasaruaanna ge teu beda jauh. Tos sakitu kirang lewihna, hapunteun bilih aya kecap basa anu salah nu lemes, kasar, loma aya nu salah keneh. Nuhun oge tos maca artikel Bedana sareng Sasaruaan Paribasa jeung Babasan.

Share this

Related Posts

Previous
Next Post »