Contoh Paribasa Wawaran Luang, Pangjurung Laku Hadé, Panyaram Lampah Salah

Pangartian Sareng Conto Paribasa Wawaran Luang, Pangjurung Laku Hadé, jeung Panyaram Lampah Salah


3 Macam Contoh Paribasa Sunda
www.extapia.com


Bismillahirrahmanirrahim. Paribasa sunda téh aya tilu macam nyaeta Paribasa Wawaran Luang, Panjurung Laku Hadé, jeung Panyaram Lampah Salah. Ayeuna sim kuring bade ngajelaskeun pangartian sareng contona, kumargi kitu upami aya anu teu ngarti naon hartosna tiasa komentar ti handap ieu artikel. Mangga bade basa sunda atanapi indo da kuring ge teu alus-alus teuing dinu basa sunda mah, janten wios make basa Indonesia ge.

A. Paribasa Wawaran Luang

Paribasa Wawaran Luang nyaéta paribasa anu eusina ngébréhkeun pangalaman nu tos lumrah di masyarakat sarta mangrupa bahan kangge babandingan pikeun laku lampah urang.

Conto Paribasa Wawaran Luang

No
Paribasa Wawaran Luang
Hartosna/Hartina
1
Adat kakurung ku iga
Adat, Kabiasaan, Parilaku anu tos hésé dipiceunna
2
Awéwé dulang tinande
Istri kudu nurut kasalaki
3
Buruk-buruk papan jati
Sakirang ngagoréng-goréng dulur sorangan lamun meunang ka susah anggeur moal di anteup
4
Deukeut-deukeut anak taleus
Deukeut mah dekeut tapi euweuh nu nyahoeun
5
Dihindar pinasti anyar pinanggih
Takdir mah tos ditangtukeun ku Allah rék kumaha-kumaha oge
6
Gedé gunung pananggeuhan
Ngagaduhan, boga, Aya andelan dulur beunghar
7
Hulu gundul dihihidan
Anu keur untung tambah untung
8
lwak nangtang sujen
Wani nyorang pibahayaeun
9
Kokoro manggih Mulud, puasa manggih Lebaran
Mangpang meungpeung
10
Mihapé hayam ka heulang
Mihapéan barang ka jelma nu tos kanyahoan teu jujur
11
Wiwirang di kolongcatangnya gedenya panjang
Ngalaman hiji kajadian anu matak pikaéraeun
12
Uncal tara ridueun ku tanduk
Boga élmu pangaweruh mah moal hésé mamawa
13
Ungguh baléwatangan
Dibawa ka pangadilan
14
Umur gagaduhan, banda sasampiran
Umur jeung harta banda hakékatna milik Allah SWT
15
Uyah mah tara téés ka luhur
Kalakuan/Sifat/Tabiat nu jadi anak moal pati jauh jeung tabiat kolotna
                

B. Paribasa Pangjurung Laku Hadeé

            Paribasa Pangjurung Laku Hadé nyaéta paribasa anu eusina pikeun pangjurung milampah kahadéna atawa nasihat.

Conto Paribasa Pangjurung Laku Hade


No

Paribasa Pangjurung Laku Hadé

Hartosna/Hartina

1

Ambek sadu santa budi

Soléh haté

2

Ari diarah supana, kudu dijaga catangna

Ari gaduh banda nu di ala hasilna,
kudu daék ngurusna

3

Cikaracak ninggang batu, laun-Iaun jadi legok

Upama dilakukeunna bari junun sagala rupa nu hésé ogé bakal bisa

4

Kahareup ngala sajeujeuh, ka tukang ngala sajeungkal

Hirup kudu ati-ati, maké itungan keur kahareupna sareng pangalaman sa acanna

5

Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung

Nuduhkeun jelma getol digawé, capé ogé ngereuyeuh wé, nu antukna bisa meunang pangupa jiwa

6

Kudu bisa ngeureut neundeun saeuitik mahi loba nyesa

Kudu apik dina nyekel harta banda supaya boga bekel

7

Kudu bodo alewoh  

Lamun  teu nyaho kudu daek tatanya

8

Kudu hade gogog, hade tagog   

Sopan santun, hade tatakrama

9

Kudu ka cai jadi saleuwi, kadarat jadi  salogak

 Sauyunan silih pihapekeun

10

Kudu nete taraje nincak hambalan

Kudu puguh tahapanana mun migawe pagawean

11

Kudu leuleus jeujeur liat tali

Kudu loba tinimbangan

12

Kudu loba luang jeung daluang

Loba pangalaman jeung pangaweruhna

13

Landung kandungan laer aisan

Kudu gede tinimbangan

C. Paribasa Panyaram Lampah Salah

Paribasa Panyaram lampah salah nyaeta paribasa anu eusina mangrupa panyaram pikeun ngalakukeun hiji hal anu matak ngarugikeun.

Conto Paribasa Panyaram Lampah Salah

No
Paribasa Panyaram Lampah Salah
Hartina/Hartosna
1
Kawas awi sumaér di pasir
Luak-léok pikir, teu puguh tungtungna
2
Ulah adéan ku kuda beureum
Ginding ku pakéan meunang nginjeum
3
Ulah agul ku payung butu
Isin ku turunan
4
Ulah biwir nyiru robengeun
Resep nyaritakeun kagoréngan batur
5
Ulah bodo kawas kebo
Bodo kacida teu daék tatanya deui
6
Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung
Babari bosenan, kuduna satia salilana
7
Ulah cul dogdog tinggal igel
Ninggalkeun pagawé nu tos baku, terus migawé pagawéan nu taya hasilna
8
Ulah dagang oncom rancatan emas
Ngalakukeun hiji hal nu teu saimbang
9
Ulah incah balilahan
Rék ninggalkeun tapi kudu tetep satia
10
Ulah kokoro manggih mulud
Sarakah makmak mékmék
11
Ulah koméok méméh dipacok
Nyebut teu sanggup saacan nyobaan
12
Ulah meungpeun carang ku ayakan
Api-api teu nyaho, ngantep jelema anu migawé pagawéan salah
13
Ulah nyeungceurikan upih ragrag
Popoyok ka jalma nu geus kolot sabab urang gé bakal ngalaman
14
Ulah pupulur méméh mantun
Ménta buruhan méméh prak digawé
15
Ulah siga lauk buruk milu mijah 
Marok marokeun maneh
16
Ulah unggut kalinduan, ulah gedag kaanginan
Sieun tiheula, kudu gedé kawani

Kangge paribasa Panyaram Lampah Salah sebenerna wios bade make ulah atanapi henteu ge tingali wéh conto nomer ka hijina jeung anu sanesna.

Seer keneh sebenerna mah conto paribasa sunda téh, aya Paribasa Sunda tina huruf A - Z tapi da biasana ogé anu dipiwarang ku guru ararung titah néangan 3 – 5 conto atawa kanggé arurang anu bade nyaho contona nya teu kedeh seer-seer teuing … héhé J Tos sakitu anu kuring badé sampékeun nuhun anu tos ngunjungan ieu blog sareng maca ieu artikel nyungkeun oge hapunteunna upami aya salah kecap dina artikel Contoh Paribasa Wawaran Luang, Pangjurung Laku Hadé, Panyaram Lampah Salah.

Share this

Related Posts

Previous
Next Post »