Pengertian, Sajarah, Ciri-ciri, Unsur, Cara Nyieun, Contoh, Hal-hal anu kudu diperhatikeun dina maca Sajak Sunda
www.extapia.com |
Sajak
Sunda Pengertian, Sajarah, Ciri-ciri, Unsur-unsur, Cara Nyieun, Contoh, Hal-hal nu
kudu diperhatikeun dina macana. Sebenerna mah sami kénéh Pengertian jeung nu sanésna mah, janten
bédana mah Sajarah aya na Sajak Sunda jeung bahasana ku Sunda eta weh hungkul anu biasana ngabédakeun
Sajak Sunda jeung Sajak Indonesia atau sanésna.
A. Pengertian Sajak
Sajak nyaéta wangun karangan ugeran
anu ngébréhkeun pangalaman batin panyajakna jeung teu pati ka uger ku patokan-patokanna.
Upami dina pengartian KBBI mah sajak nyaéta gubahan sastra anu bentukna puisi. Sajak
téh tiasa oge disebut bébas. Disebut bébas téh saenyana mah rélatif, nyaéta
lamun dibandingkeun jeung puisi-puisi saheulaeunana, utamana upama
dibandingkeun jeung dangding anu kabeungkeut pisan ku
patokan guru wilangan jeung guru lagu.
B. Sajarah Sajak Sunda
Sajak kaasup kana karya seni sastra
puisi lama. Seni sastra puisi lama salain sajak aya oge pantun, bidal, karmina,
seloka, gurindam, syair, jeung talibun. Sajak Sunda gelar dina sabudeureun taun
1950.
Ti taun 1946 kénéh geus aya nu nulis dina wangunan sajak,
nyaéta Kis WS.
Sajak teh samemeh dibukukeun jadi kumpulan sajak sok dimuat heula dina sawatara media massa saperti majalah jeung
surat kabar. Sawatara majalah jeung surat kabar basa Sunda anu sok biasa
ngamuatkeun sajak sunda téh diantarana : Sipatahunan, Warga, Sunda, Kujang, Kiwari, Sari, Langensari, Hanjuang, Mangle, Galura, Giwangkara, jrrd. Buku
kumpulan sajak nu munggaran terbit nyaéta Lalaki di Tegalpati karya Sajudi (1963). Kabéh dieunakeun
dituturkeun ku kumpulan sajak liana, saperti Ombak Laut Kidul karya Rachmat M Sas
Karana (1966), Jante Arkidam karya Ajip Rosidi (1967), Surat Kayas karya Surachman R.M. (1967), Tepung di Bandung karya
Rachmat M Sas Karana (1972), Katiga karya Yayat Hendayana (1975), Nu Ngarongheap
Mangsa Surup karya Eddy D Iskandar (1978), Sabelas Taunkarya Usep Romli HM (1978), Jagat Alit karya Godi Suwarna (1979), jeung Nu Mahal ti
batan Inten karya Yus Rusyana (1980).
C. Ciri-ciri Sajak
Ciri-ciri sajak sunda téh aya 6 nyaéta :
- Bahasana puitis atawa aya unsur kaéndahan
- Aya Pangarangna
- Ditulis dina wangun ugeran
- Eusina mangrupa ebrehan rasa (Pikiran)
- Karya Sastra Modérn
- Karya Sastra Sampeuran (Bawaan)
Upami cara ngafalkeun méh babari, apalkeun wéh huruf awalna hungkul
upami disingkat mah janten “BADE 2K”
sabenerna mah kumaha cara aranjeun upami hoyong téréh katalarna mah pastina
gaduh ciri khas masing-masing.
D. Unsur-unsur Sajak
Unsur-unsur sajak sunda téh aya 4 nyaéta :
- Pikiran
- Rasa
- Gaya
- Maksud
Sami ieu ogé cara ngafalkeun tos weh singkat janten “PRGM” mun ExTapia mah kitu.
E. Hal-hal anu kudu diperhatikeun dina maca Sajak Sunda
Aya tilu hal nu kudu diperhatikeun dina maca sajak sunda nyaéta
:
- Cara ngajiwaan puisina
- Intonasi
- Lafal
Ieu ngan tilu paréndék deui, ngan anggeur weh ExTapia mah
ngafalkeun disingkat janten “CIL”
F. Cara nyieun Sajak
Sabenerna mah nyieun sajak téh teu
pati hésé teu pati babari, nya rélatif kumaha kamampuan urang masing-masing,
kumargi kitu nu kudu arurang nyaho atawa apal saacan ngadambel atawa nyieun
sajak nyaeta, “Elmu” upami élmuna teu acan apal mah rek nyieun sajak kumaha.
Maksud elmu didieu nyaeta anu saacan anu tos ditulis diluhur ti Pengertian,
Ciri-ciri Sa, Unsur-unsur Sajak Sunda, jeung sanesna. Tapi nu kudu di garis
bawahi nyaeta sajak eta sorangan nyaéta “Bébas” da sajak mah bébas teu pati ka uger atawa ka iket
patokan-patokan. Intina mah arurang kari milarian Tema jeung Judul, da biasana
2 éta anu jadi masalahna téh. Langsung weh kana contoh tema :
- Sajak Sunda Tema Pendidikan
- Sajak Sunda Tema Kahirupan
- Sajak Sunda Tema Kasehatan
- Sajak Sunda Tema Kasakolahan
- Sajak Sunda Tema Belajar
- Sajak Sunda Tema Kacintaan
- Sajak Sunda Tema Kasabaran
- Sajak Sunda Tema Cita-cita
Sareung saterusna; Upami males mikiran téma langsung kana judul ogé wios. ExTapia ogé biasana mun rék nyieun/ngadambel sajak sok langsung kanu judul. Tapi sok aya ogé anu hésé milarian judul, teu kudu lieur-lieur néangan judul mah, jadikeun wéh barang disakitar urang judul eta sajak. Contoh : Jam, bangku, konci, panto, sisir, tong sampah, kipas angin, buku, pulpen, meja, kasur, patlot, bal, guru, kantong. Naon wéh nu aya disakitar urang éta ogé tiasa dijadikeun judul. Contoh :
Sareung saterusna; Upami males mikiran téma langsung kana judul ogé wios. ExTapia ogé biasana mun rék nyieun/ngadambel sajak sok langsung kanu judul. Tapi sok aya ogé anu hésé milarian judul, teu kudu lieur-lieur néangan judul mah, jadikeun wéh barang disakitar urang judul eta sajak. Contoh : Jam, bangku, konci, panto, sisir, tong sampah, kipas angin, buku, pulpen, meja, kasur, patlot, bal, guru, kantong. Naon wéh nu aya disakitar urang éta ogé tiasa dijadikeun judul. Contoh :
Pulpén
Karya “ExTapia”
Pulpén ….
Anjeun téh tos saparti kékasih abdi
Tiasa dianggo nyatat anu penting
Dihapus ogé moal leungit
Pulpén ....
Anjeun dibabawa unggal poé kasakola
Timimiti asup nepi uih sakola
Upami seep tinta anjeun tiasa mésér deui
Pulpén …. Ooh Pulpén ….
Anjeun tos kabaturan kuring salama ieu
Tos ngabantosan kuring nulis
Kuring bade nyuhunkeun kahatur nuhun pisan ka anjeun
G. Contoh Sajak Sunda
Contoh Sajak Sunda téh seer ngan ExTapia badé nyokot 7 wéh nyaéta
: 7 Contoh Sajak Sunda dibagi deui janten 2 Contoh Sajak Karangan ExTapia jeung 5
Contoh Sajak Karangan Apip Mustopa. Aya 8 contoh mun diitung jeung nu di luhur mah.
Waktu
Karya “ExTapia”
Waktu ….
Détik démi détik
Ménit démi ménit
Waktu tuluy jalan
Waktu ….
Waktu téh moal tiasa dimajukeun
Moal tiasa ogé dimundurkeun
Komo mun diulang mah
Waktu ….
Sing éling-éling waktu téh moal tiasa diulang
Sing éling-éling waktu téh teu lami ngan sakedeng
Kumargi kitu manfaatkeun waktu téh kana hal nu bermanfaat
Tobat
Karya “ExTapia”
Jang, géra tobat aranjeun téh
Hirup didunya téh moal lila
Mun lila ogé
Emangna urang tos yakin bakal asup surga?
Jang, sing eling hirup di dunya téh ngan sakali
Hirup di dunya téh moal tiasa di ulang
Kumargi kitu, hayu urang gera tobat
Ka gusti Allah SWT anu maha pengampun
Hirup nalangsa
Karya “Apip Mustofa”
Hirup abdi asa nalangsa ….
Teu aya asana téh nu ngarasa karunya
Teu boga imah jeung teu boga harta
Saha nu hayang hirup jadi nalangsa
Tiap poe kuring sengsara, Teu aya tempat nu di tuju
Teu boga indung jeng bapa, Hirup sorangan ti leuleutik
Dimana kuring kudu aya, Tempat kuring bisa di butuh keun.
Hirup Ibarat Léngkah
Karya “Apip Mustofa”
Hirup lir ibarat léngkah suku
Sing kahade ulah saukur ngalengkah
Komo dei bari jeung dudupak
Bisi manggih beling nu bakal nyugak
Panggoda dunya tong dijadikeun alasan
Bakal urang ngalangkah jadi salah dijalan na ….
Hirup di dunya moal lila
Karya “Apip Mustofa”
Hirup di dunya ngan saukur panggung sandiwara
Ulah bisa na ngan saukur hirup poya-poya
Da di dunya mah moal bakal lila..
Dina poé anu teu di sangka-sangka, urang boa di cabut nyawa
Jadi, sing eling jeung tawakal urang sadayana
Beh hirup bagja engkéna ….
Sorangan
Karya “Apip Mustofa”
Moal kantos abdi tiasa ngungkabkeun ieu perasaan sadayana ….
Sadaya rasa anu terpendam …. Terpendam dina jiwa ….
Naha anjeun ninggalkeun kuring ..
Téga ninggakeun kuring sorangan dina kesunyian ieu ….?!
Kudu boga iman jeung takwa
Karya “Apip Mustofa”
Ayeuna urang geus nincak umur dewasa
Jadi ulah kagoda ku hawa dunya nu kadang mawa cilaka ....
Urang mémang teu kudu boga emas permata
Tapi urang kudu boga iman jeung takwa
Ajang bekel urang ngumpul engké na di surga
Jadi ulah kagoda ku hawa dunya nu kadang mawa cilaka ....
Urang mémang teu kudu boga emas permata
Tapi urang kudu boga iman jeung takwa
Ajang bekel urang ngumpul engké na di surga
Kumargi sakitu dina ieu Artikel nu tiasa ExTapia sampaikeun, upami aya nu kurang kangge conto sajak tiasa komén dina atawa email ka ExTapia; InsyaAllah mun ExTapia nuju ON/OL mah langsung dibales upami henteunya antosan weh. Hapunteun ogé bisi aya salah dina panulisan ieu artikel nu judulna Sajak Sunda Pengertian, Sajarah, Ciri-ciri, Unsur, Cara Nyieun, Contoh, Hal-hal nu kudu diperhatikeun dina macana.